Mimitina Aki Uki téh disina ngali kuburan. Tapi éta kuburan tuluy disaeur deui. Sanggeus kitu, bet kudu dikali deui. Naon sababna bisa kitu?
Pertanyaan
disaeur deui. Sanggeus kitu, bet kudu dikali deui. Naon sababna
bisa kitu?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Carita eta teh ayana dina hiji carita pondok atawa carpon nu judulna Kuburan. Carpon Kuburan nyaeta carpon anu dikarang ku Trisna Mansur. Dina eta carpon dicaritakeun yen mimitina Aki Uki ngali kuburan. Teu lila dunungan AKi Uki teh menta sangkan eta kuburan teh disaeur deui, terus Aki Uki nyaeur eta kuburan. Tapi dunungan Aki Uki menta deui sangkan eta kuburan teh dikali deui. Sanggeus eta kuburan dikali deui sihoreng eta kuburan teh keur Aki Uki.
Pembahasan
Carpon nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa sok disebut oge prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa modern jeung prosa buhun. Nu kaasup kana prosa modern nyaeta saperti carpon jeung novel. Sedengkeun nu kaasup kana prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Salian caritana pondok, palaku nu aya dina carpon oge biasana ngan teu loba, saperti dina carpon Kuburan. Di handap ieu dijelaskeun kunaon sababna Aki Uki bulak balik ngali kuburan:
- Ceuk hiji ustad, ari jelema mah kudu sing inget kana maot, kukituna ari jelema mah kudu sasadiaan dina nyanghareupan maot teh. Salahsahiji cara dina sasadiaan dina nyanghareupan maot nyaeta kudu nyadiakeun kuburan keur sorangan. Kusabab kitu dunungan Aki Uki menta Aki Uki ngali kuburan keur eta dunungan.
- Dumasar kana katerangan ustad anu kadua, ceunah ari jelema mah henteu kudu nyadiakeun kuburan sorangan sagala, sabab ari jelema mah moal nyaho iraha jeung di mana rek maotna, bisa wae ari maot mah di tempat sejen. Kusabab kitu dunungan Aki Uki menta ka Aki Uki sangkan nyaeur deui eta kubburan nu geus dikali ku Aki Uki.
- Dina hiji waktu, dunungan Aki Uki teh papanggih jeung ustad anu katilu. Ceuk ustad nu katilu teh henteu nanaon ceunah umpama hiji jalma nyadiakeun kuburanana keur sorangan. malahan eta teh alus. Kukituna, dunungan Aki Uki menta ngali deui eta kuburan. Pondok carita, dina ngali deui eta kuburan, Aki Uki kacapean nepi ka maotna, jadi eta kuburan teh dipake pikeun ngubur Aki Uki nu maot.
Pelajari lebih lanjut
- Bedana carpon jeung dongeng https://brainly.co.id/tugas/2729194
- Naon anu jadi ukuran pondok dina carpon https://brainly.co.id/tugas/9675905
- Bedana carpon jeung novel https://brainly.co.id/tugas/5406448
__________
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda - Carita Pondok
Bab : 7
Kode : 10.13.7
Kata Kunci : Carpon Kuburan