5 kalimah anu make rarangkeun tengah um dalam bahasa sunda Jawab yg bener yaaaaa
B. Daerah
jevan5678
Pertanyaan
5 kalimah anu make rarangkeun tengah um dalam bahasa sunda
Jawab yg bener yaaaaa
Jawab yg bener yaaaaa
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu dimaksud kalimah anu make rarangken nyaeta kalimah nu make kecap asal anu dirarangkenan. Kecap asal anu dirarangkenan sok disebut oge kecap rundayan. Dina kecap rundayan aya sawatara rupa rarangken, nyaeta rarangken hereup, rarangkem tengah, rarangken tukang jeung rarangken barung. Ditilik tina wangunna aya opat rupa kecap nyaeta kecap asal, kecap rundayan, kecap rajekan jeung kecap kantetan.
Pembahasan
Kecap rundayan, kecap rajekan jeung kecap kantetan sok disebut oge kecap jadian atawa kecap turunan, nyaeta kecap turunan tina kecap asal. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta conto lima kalimah anu make rarangkeun tengah um:
- Kecap geulis ditambah rarangken tengah um jadi gumeulis. Conto kalimahna: Naha eta nyi Enah ayeuna mah asa jadi gumeulis kitu, meureun rarasaanna teh asa panggeulisna.
- Kecap kasep ditambah rarangken tengah um jadi gumasep. Conto kalimahna: Kusabab ngarasa pangkasepna, jang Didin ayeuna mah jadi sok gumasep.
- Kecap pinter ditambah rarangken tengah um jadi guminter. Conto kalimahna: Si Asep mah sok guminter, asa aing pangpinterna padahal mah euweuh kanyaho.
- Kecap rasa ditambah rarangken tengah um jadi rumasa. Conto kalimahna: Kuring mah teu sieun sabab kuring teu rumasa salah.
- Kecap raksa ditambah rarangken tengah um jadi rumaksa. Conto kalimahna: Urang teh kudu rumaksa ka tanah Sunda, sabab lamun henteu ku urang rek ku saha deui?.
Pelajari lebih lanjut
- Contoh kalimat kecap rundayan https://brainly.co.id/tugas/12735578
- Kecap kantetan jeung hartina https://brainly.co.id/tugas/5193190
- Naon nu dimaksud kecap rajekan https://brainly.co.id/tugas/13598682
__________
Detil Jawaban
Kelas : IV
Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan
Bab : 8
Kode : 4.13.1